Rabu, 19 Oktober 2011

Tuntunan Ibadah Kurban dan Tausiah Sholat Hari Raya Idul Adha

Tausiah Oleh KH Udung Abdulah

Solat riaya idul adha A. Hukum solat idul adha : sunat muakad B. Ngawitan dilaksanakeun solat id : dina taun ka 2 Hijrah.C. Waktu solat id : ti saba’da kaluar panon poe nepi kalingsir panon poe .D. Tempat solat id : di masjid / di lapang upami di masjidteu cekap maka dilaksanakeun di lapang.E. Dina solat id teu disunatkeun adzan jeung komat tapi Cekap ku ngucapkeun اَلصَّلاَةُجَامِعَةْ :F. Niat solat idul adha :اُصَلِّيْ سُنَّةً لِّعِيْدِ ْالاَضْحَى رَكْعَتَيْنِ مَعْمُوْمًا ِللهِتَعَالَى اَللهُ اَكْبَرْHartosna : Niat abdisolat sunat idiul adha dua roka’at bari ma’mum karena Allah taala Allahuakbabar.G. Pasunatan solat sunatidul adha Jeung lianna :1. Sunat diberjama’ahkeun2. Takbir 7 X saba’da iptitaah samemeh ta’udz dinaroka’at anu ka hiji jeung 5 X takbir dina rok’at anu ka dua3. Ngangkat panangan duadina tiap-tiap maca takbir .4. Maca tasbeh dina setiapmaca takbir :سُبْحَانَ اللهِوَالْحَمْدُ ِللهِ وَلاَ اِلَهَ اِلاَّاللهُ وَاللهُ اَكْبَرُ5. Saba’da patihah roka’at ka (1) maca surat ق / الاعلى6. Saba’da patihah roka’at ka (2) maca surat القمر / الغاشية 7. Imam narikeun bacaankecuali ma’mum8. Khutbah saba’da solat2 X 9. Dina khutbah sunatnerangkeun kurban10.Sunat adus heula memehberangkat rayaنَوَيْتُ ْالغُسْلَ مِنْيَوْمِ عِيْدِ ْالاَضْحَى سُنَّةً ِللهِ تَعَالَى11.Sunat Ulah dahar heuladina solat raya idul adha.Dina solat idul pitrisabalikna.12.Antawis berangkatsareng mulih sunat beda jalan.13.Sunat takbir ti mimitisurup mata hari malem id dugi ka tanggal 13 poe tasrek .(dina idul adha ) upamidina idulpitri mah tikawit surup matahari dugi ka anggeus solat raya.14.Sunat muakad puasaarpah dina tanggal 9 dzulhijah.15.Sunat puasa tarwiyyahdina tanggal 8 dzulhijah.


TUNTUNAN IBADAH QURBAN

Ari kurban teh nyaeta meuncit sato pikeun ibadah ka Allah dina poe raya haji jeung tilu poe saba’dana. Ibadah kurban, hukumna teh sunah muakad pikeun jalma anu mampu.

Sato anu sah dipake kurban nyaeta :
a. Domba (pikeun soranganeun)
Syaratna : - Umurna sataun leuwih
- Geus pulak huntu dua
- Lintuh aya gajihan
- Ulah cacad
b. Embe (pikeun soranganeun)
Syaratna : - Umurna dua taun leuwih
- Geus pulak huntu dua
- Lintuh aya gajihan
- Ulah cacad
c. Sapi/munding (pikeun tujuh uranganeun)
Syaratna : - Umurna dua taun leuwih
- Geus pulak huntu dua
- Lintuh aya gajihan
- Ulah cacad
d. Onta (pikeun tujuh uranganeun/sapuluh uranganeun)
Syaratna : - Umurna lima taun leuwih
- Geus pulak huntu dua
- Lintuh aya gajihan
- Ulah cacad

Sato nuopat di luhur, moal sah dipake kurban lamun :
1. Geuring 3. Pincang
2. Rusak matana 4. Begang teu aya gajihan
Ari waktuna meuncit kurban nyaeta timimiti matahari satumbak tanggal 10 Dzulhijjah saba’da solat Raya ‘Idil Adha dugi kasurup panonpoe tanggal 13 Dzulhijjah.

Pasunatan-pasunatan dina meuncit kurban :
1. Maca bismillah
2. Maca solawat
3. Takbir
4. Satona disanghareupkeun kakiblat
5. Ngadu’a

Do’a meuncit kurban :

اَللَّهُمَّ هَذَامِنْكَ وَاِلَيْكَ وَتَقَبَّلْ مِنِّي كَمَا تَقَبَّلْ مِنْ سَيِّدِنَا مُحَمَّد صلعم. وَكَمَا تَقَبَّلْ مِنْ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْم وَصَلَّ اللهُ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدْ. اَلْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ ْالعَالَمِيْنَ.

Catatan :
1. Upami kurban wajib, jalmi anu kurban sareng sadaya kulawargana teu kenging ngadahar dagingna eta kurban
2. Upami kurban sunatmah, jalmi anu kurban sareng sadaya kulawargana tiasa ngadahar daging kurban 1/3-na

Tidak ada komentar:

Posting Komentar